Kamis, 01 Desember 2016

Cerita Bergambar


Meski malam, peninjauan lokasi sebagai bagian dari persiapan sangat perlu dilakukan. agar acara bisa berjalan sesuai yang diharapakan

Dongeng cador

PAHLAWAN SAJATI

dina raraga mi'eling hari pahlawan, pa RT jeung warga sapuk ngayakeun arak-arakan. Leumpang ti tungtung jalan beulah wetan nepi ka lapang bola deukeut kantor kacamatan.
Mang ana asa manggih luang piduiteun. Pikirna pasti dina waktuna, nu arak-arakan harauseun, jadi sigana cocok lamun manehna dagang es cingcau digulaan.

Cunduk waktu mangsana datang. Mang ana ngagidig mawa tangungan, ngarekot igeug-igeugan da puguh beurat bari jalana lesang sesa hujan tadi peuting.
Abong jelema ukur boga rencana, hasilna rusiah nu kawasa. Lebah pudunan sendal ngait kana regang, atuh leumpang jadi oleng, Tangungan mecleng teu katahan, eusina awur-awuran.
Mang ana ngaheruk nempo tangungan, teu karasa cai panon murubul teu bisa ditahan.
SELAMAT HARI PAHLAWAN, harewos mang ana lalaunan

Dongeng cador

KUMIS

Diangkat kepala pasar ku kang Bahar, Bah Kodir janten resep miara kumis. Meh ungal poe disisiran, bari teu poho diminyakan. Kungsi eta ge sakali si ambu nyawad, tembalna "kajeun pegat duria, batan kudu ngerok kumis". Lamun geus kitu si ambu teu bisa kumaha, da rumasa najan teu panuju, anger kumis bah kodir gede manfaatna. Pajar teh nambah ponyo pami nuju diango ningur berenuk ambu mun malem juma'ah.

"cendol sagelas euy! Hanaang yeuh" ceuk bah kodir ka tukang cendol basa hiji mangsa satutas nagihan upeti.
"mangga, bah" tukang cendol girap ngasongkeun cendol sagelas gede.
Leguk cendol diuyup saregoteun. Ngahuleng sakeudeung, jung nangtung. Gelas diecagkeun semu digejretkeun kana meja.
"belegug siah. teu sopan ka ngaing. Sing eucreug siah ari dagang. Maenya dagang cendol taya bukuran." bah kodir ngamuk bari ngagebrag meja. Nu jarajan olohok, bari sing balehem nahan piseurieun.
"kin heula, bah. Ulah waka ngambek. Cobi abah ngeunteung heula" tukang cendol ngarempod ngawanikeun maneh nembalan, bari nuduhkeun kana motor nu ngjogrog deukeut gorobag.
Gidig bah kodir neangkeun motor. Ret kana kaca spion, gebeg bah kodir reuwas. Kumis nu kacida dipikanyaahna teh ngadadak leungit. Nu aya kalah tarigu bareureum, bari paranjang siga cacing.
"lain taya bukuran, bah. Ngan bukurna kabeh nyangsang dina kumis" kadenge tukang cendol nyeletuk tukangeun.

Dongeng

Kacaturkeun di hiji lembur