PAHLAWAN SAJATI
dina raraga mi'eling hari pahlawan, pa RT jeung warga sapuk ngayakeun arak-arakan. Leumpang ti tungtung jalan beulah wetan nepi ka lapang bola deukeut kantor kacamatan.
Mang ana asa manggih luang piduiteun. Pikirna pasti dina waktuna, nu arak-arakan harauseun, jadi sigana cocok lamun manehna dagang es cingcau digulaan.
Cunduk waktu mangsana datang. Mang ana ngagidig mawa tangungan, ngarekot igeug-igeugan da puguh beurat bari jalana lesang sesa hujan tadi peuting.
Abong jelema ukur boga rencana, hasilna rusiah nu kawasa. Lebah pudunan sendal ngait kana regang, atuh leumpang jadi oleng, Tangungan mecleng teu katahan, eusina awur-awuran.
Mang ana ngaheruk nempo tangungan, teu karasa cai panon murubul teu bisa ditahan.
SELAMAT HARI PAHLAWAN, harewos mang ana lalaunan
Kamis, 01 Desember 2016
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Dongeng
Kacaturkeun di hiji lembur
-
Pikiran bah kodir geus gilig. meunang pituduh ti tatanggana, ceunah aya dukun lepus paraji sakti, nu ayana di beh pajampangan, nu bisa nyare...
-
KUMIS Diangkat kepala pasar ku kang Bahar, Bah Kodir janten resep miara kumis. Meh ungal poe disisiran, bari teu poho diminyakan. Kungsi et...
-
“NURUNKEUN ELMU” Keur ngahaneutan motor, bari dielapan. Torojol si cikal. Saged geus make seragam. “pa, nyuhunkeun acis, kango jajan.” Bari...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar