Ngadongeng deui
#ikhtiar#
Najan ukur tukang boboko, estu fikir mah akur jeung batur, mapaes kahirupan ku harepan, hirup tinemu bagja laksana sakur paneja.
Ungal isuk nikreuh, boboko limung dina tangungan. Unggal lembur dieunteupan, unggal desa disabaan, babakan didatangan, lengkob pasir diideran. Harepan ukur hiji, kabagjaan kahontal najan sare'at ukur boboko.
Tapi naha, kabagjaan siga ngajauhan? Ka kulon ukur cape ngalalakon, ka wetan taya kelemeng pisan. Ka kidul siga nuturkeun pituduh wadul, ka kaler tanaga beak sumanget mimiti kateter.
Lebah pasir tangungan diecagkeun, diuk dina catang, muka kane nu eusina ukur beuleum hui isuk. Angin ngahiliwir mepende hate nu mimiti panas. Tikajauhan hawar-hawar sora ajengan nyarios dina sapeker "jelema mah ukur wajib ikhtiar, hasilna Allah nu ngatur!" ley, hate tiis deui nyelecep kana awak, sumanget ngagedur deui
Kamis, 01 Juni 2017
Dongeng Cador
#Hayang ditato#
Meh ampir ungal poe tiap ba'da ashar, Nu rek ngojeg jarang aya. Malah sakapeung mah parat nepi ka tengah peuting teu hiji-hiji acan. Komo nyanghareupan bulan puasa kieu, biasana begal motor tengah jalan sok aya deui. Sigana eta oge jadi sabab jarang aya nu rek ngojeg muru peuting.
"siga'na awak urang kudu ditato, jek. Sugan we begal teh sieuneun ku nu tato'an mah" jonih muka obrolan.
"sigana mah kitu, jon. Sugan we disangka reman" jekih mairan bari sirahna ungut-ungutan.
"tapi kira-kita tato'na gambar naon nu pantes nya euy?" jekih malik nanya.
"kumaha lamun gambar hulu meong? Serem sigana mah, jek."
"duh, tong euy! Aki urang ge baheula keur ngora ditato hulu meong, na ari ayeuna geus pareot, tato'na bet jadi hulu beurit" jekih ngeluk ngemu sedih.
"alah baruk nepi ka kitu. Ke, kumaha atuh mun hulu garuda, atawa hulu oray kobra? Pasti gagah!" jonih usul deui.
"duh, entong deuih euy! Kabayang we pasti ke lamun urang geus kolot, hulu garudana jadi hulu piit. mun hulu kobra, pasti jadi hulu cacing"
"lah ari ilaing, itu ulah ieu ulah. na kudu ditato gambar naon ath?" jonih mimiti kesel.
"mending gambar sendal capit ceuk urang mah, jon. Pan dimana urang kolot ge, anger we sendal capit"
"aih boa edan. dimana begal rek sieuneun aya preman ditato gambar sendal capit?" jonih ngabalieur bari malangkeun curuk dina tarangna.

Langganan:
Postingan (Atom)
Dongeng
Kacaturkeun di hiji lembur
-
Pikiran bah kodir geus gilig. meunang pituduh ti tatanggana, ceunah aya dukun lepus paraji sakti, nu ayana di beh pajampangan, nu bisa nyare...
-
KUMIS Diangkat kepala pasar ku kang Bahar, Bah Kodir janten resep miara kumis. Meh ungal poe disisiran, bari teu poho diminyakan. Kungsi et...
-
“NURUNKEUN ELMU” Keur ngahaneutan motor, bari dielapan. Torojol si cikal. Saged geus make seragam. “pa, nyuhunkeun acis, kango jajan.” Bari...