Ngadongeng deui
#ikhtiar#
Najan ukur tukang boboko, estu fikir mah akur jeung batur, mapaes kahirupan ku harepan, hirup tinemu bagja laksana sakur paneja.
Ungal isuk nikreuh, boboko limung dina tangungan. Unggal lembur dieunteupan, unggal desa disabaan, babakan didatangan, lengkob pasir diideran. Harepan ukur hiji, kabagjaan kahontal najan sare'at ukur boboko.
Tapi naha, kabagjaan siga ngajauhan? Ka kulon ukur cape ngalalakon, ka wetan taya kelemeng pisan. Ka kidul siga nuturkeun pituduh wadul, ka kaler tanaga beak sumanget mimiti kateter.
Lebah pasir tangungan diecagkeun, diuk dina catang, muka kane nu eusina ukur beuleum hui isuk. Angin ngahiliwir mepende hate nu mimiti panas. Tikajauhan hawar-hawar sora ajengan nyarios dina sapeker "jelema mah ukur wajib ikhtiar, hasilna Allah nu ngatur!" ley, hate tiis deui nyelecep kana awak, sumanget ngagedur deui
Tidak ada komentar:
Posting Komentar