Kamis, 06 Juli 2017

DONGENG

#SYARAT#
lima las taun Ana rarabi, kahirupan taya menyatna. Estu nincak semplak, nete semplek. Tatamba lain sakali, malah aya kana puluhna. ti mimiti dukun tatangga nepi ka anu pangjauhna kabeh pernah ka puntang saraya. timimiti Gatot Braja Musdes nepi ka Kanjeng Dimas Taat Pajak kungsi didatangan. Kabeh jawaban sarua. Mun Ana haya beunghar harta loba dunya, bru di juru bro di panto, lubak libuk teu kalebok, Ana kudu boga pamajikan 4 heula.
Nya hiji waktu Ana ngawanikeun maneh, wakca balaka ka Uneh nu jadi pamajikana. Najan rada hemar hemi da punduk ge karasa keneh sesa di gebot gu gagang sapu, gara2 aya sms nyasar.
"oh, kitu nyah, A" ceuk Uneh daria naker, sangeus ngadengekeun dongeng salakina.
"muhun, manawi Uneh teu kaabotan" Ana nembalan bari ngeluk.
"mangga ari kitu mah, mung Uneh gaduh syarat hiji we."
"naon?"
"Uneh hoyong pangmeserkeun sapatu ceko, nu payuna aya besian." ceuk Uneh leuleuy bari neuteup salakina.
"alahh.. gampil atuh hoyong nu kitu mah, enjing ge ku aa dipangmeserkeun" Ana bungangang, teu sirikna luncat balas ku bungah.
"mung, kango naon sapatu ceko, komo bari aya beusian?" Ana nanya panasaran.
"jeung nalapung careham sia ontohod, lalampahan hayang nyandung. Hiji ge aing teu kaparaban." Uneh nyentak, bari gep kana gagang sapu inyuk rek mabuk salakina. Ana rikat luncat, nabrak panto tuluy becir duka kamana lumpatna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Dongeng

Kacaturkeun di hiji lembur