#sakti#
Tisaprak boga batu kiwul ladang ngabubu ti wahangan cikadu, mang ana ngadadak bisa ngubaran batur. Timimiti nu boga panyakit bisul, nepi ka nu lila teu boga anak alatan mandul, kabeh bisa diubaran sareatna si batu kiwul. Beja pabeja-beja nereptep alabatan seuneu mangih eurih garing. Mang ana beuki kamashur ka ungal lembur, kakoncara ka saban kota. Teu aneh mun nu uubar undur datang, mawa cai dina rantang, pikeun diuyup saatos dicelup panangan mang ana nu ngeupeul batu kiwul.
"sabaraha maskawina, bah?" ceuk hiji ibu2 nu datang uubar lantaran hayang hirupna jembar.
"wios, bu. Abdi mah ikhlas karna Allah. demi kamanusiaan we, seja nulung kanu butuh nalang kanu susah. Tapi pami ibu maksa mah, wios sajuta we" ceuk mang ana bari alaham elehem.
Sor si ibu ngasongkeun amplop, tuluy pamit.
Alhamdulilah Tilu poe tiharita, mang ana nampa beja, si ibu tilar dunya, alatan muntaber...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar