Pikiran bah kodir geus gilig. meunang pituduh ti tatanggana, ceunah aya dukun lepus paraji sakti, nu ayana di beh pajampangan, nu bisa nyare’atan sangkan huntuna bisa jadi deui. Keun ceunah moal bebeja ka pamajikan, asa wirang dipoyok wae tatangga, pedah mun barang dahar guhal-gahel da huntu geus euweuhan.
Alhamdulillah hasil. Teu sia-sia indit isuk balik peuting ge. ubar kabawa makena teu harese, ukur dikekemukeun dimana isuk bari ngosok huntu. Cag, ubar sa’akua ditunda na luhur galar di kamar cai. Fikirna meh gampang ceunah mun isuk rek make. Sup ka kamar. reup sare. teu kaampeu nahan pitunduheun.
Janari gede pamajikana lilir, kahudangkeun teu kuat nahan cai kahampangan. Jung ka kamar cai, beres kahampangan, rek cecewok euweuh cai, da caina saat. Ret kana galar aya cai sa’akua, cur weh dikumbah. Beres dikumbah pamajikan bah kodir gogoakan, ngadadak eta’na aya huntuan
Kamis, 06 Juli 2017
DONGENG
Tilu poe si jekih teu ngojeg, gawe ukur cinutrung di pangkalan. Nampa beja ceunah motorna euweuh STNK'an, ditilang ku polisi. Si jonih baturna panasaran, kunaon si jekih bisa ditilang polisi.
"teu boga SIM lain, jek?" jonih nanya bari mesem.
"boga" singket
"pasti teu make helm, nya?"
"nyasat make"
"naha atuh make ditilang" jonih beuki panasaran
"pedah eta, uing ngojeg make motor honda, ari jaket suzuki"

Usum hujan datang, jama'ah mushola mimiti ngurangan. Malah kamari mah ustad ge teu datang. Ukur aya si Jekih silih sered jeung RT, pada-pada emung jadi imam. Poe ieu manjing magrib ukur aya jekih sorangan. Ngong adzan tuluy shalat sunat. Luak lieuk eweuh nu datang. Ngong komat, anger euweuh nu datang. Gep kana mik mushola,
"diuningakeun ka sadayana warga, kango sonten ieu, berjama'ah magrib dibatalkeun, kumargi teu aya imam"

Dongeng cador
#juhamin#
Neng kajol nyarita semu dareuda, balaka yeun anjeuna rek dijodokeun ku wa haji nu jdi kolotna. Juhamin ngahuleng teu bisa kumaha, rumasa miharep ngan modal cinta. Lain teu hayang cara batur, ngan dalah dikumaha da rumasa hirup taya pangaboga, gawe ge sapanitah batur da rumasa lain tamatan sakola luhur.
Juhamin huleng jentul, sura seuri sorangan. jarang dahar, jarang sare, awakna ge beuki ngorotan. Indung bapana melang, sieun juhamin kumaha onam. Nya saduana sapuk juhamin rek direremokeun ka neng iceu, randa kolot anak opat.
Prung juhamin kawin, tilu poe tilu peuting ngerem duaan. Poe ka opat juhamin asup rumah sakit.
"Teu damang naon pun raka teh, pa dokter?" ceuk iceu basa juhamin dipariksa dokter.
"teu acan tangtos bu, mung panaluntikan awal, sigana bapa juhamin over dosis ngaleueut susu kadaluarsa" tembak dokter.
Neng iceu ngahuleng

#sakti#
Tisaprak boga batu kiwul ladang ngabubu ti wahangan cikadu, mang ana ngadadak bisa ngubaran batur. Timimiti nu boga panyakit bisul, nepi ka nu lila teu boga anak alatan mandul, kabeh bisa diubaran sareatna si batu kiwul. Beja pabeja-beja nereptep alabatan seuneu mangih eurih garing. Mang ana beuki kamashur ka ungal lembur, kakoncara ka saban kota. Teu aneh mun nu uubar undur datang, mawa cai dina rantang, pikeun diuyup saatos dicelup panangan mang ana nu ngeupeul batu kiwul.
"sabaraha maskawina, bah?" ceuk hiji ibu2 nu datang uubar lantaran hayang hirupna jembar.
"wios, bu. Abdi mah ikhlas karna Allah. demi kamanusiaan we, seja nulung kanu butuh nalang kanu susah. Tapi pami ibu maksa mah, wios sajuta we" ceuk mang ana bari alaham elehem.
Sor si ibu ngasongkeun amplop, tuluy pamit.
Alhamdulilah Tilu poe tiharita, mang ana nampa beja, si ibu tilar dunya, alatan muntaber...

KALEUNGITAN
"Assalamu'alikum!"
"wa'alikum salam. Silahkan masuk, pa!" pulisi nu kabeneran bagean jaga ngabageakeun ka Ana nu karak datang.
"ieu kantor pulisi, pa?" Ana tumanya.
"oh, muhun. Aya peryogi naon, kang?"
"abdi bade laporan kaleungitan, pa"
"oh, mangga calik palih dieu, urang damelkeun berita acarana" pulisi nunjuk ka meja nu aya komputeran.
Sangeus ngeusi identitas timimiti ngaran, umur, alamat jeung sajabana pulisi nanya deui. "teras ayeuna akang teh bade laporan kaleungitan naon"? Bari panor anger kana layar komputer.
"kieu pa dongengna mah, tadi teh ba'da magrib pisan abdi teras kulem. Pedah cape panginten tadi tos macul di sawah. Tah, nembe teh tabuh 12 pisan abdi gugah, pa. dugi ka ayeuna dipeurem-peureum ge abdi teh teu daekeun sare deui, pa. Janten abdi teh bade laporan rehna abdi parantos kaleungitan pitunduheun. Kitu dongengna mah, pa."
"jadol teh, hanas cape2 aing ngetik. Mantog siah, teu mantog ditembak siah ku aing."
"siap, pa.." ceuk ana bari becir lumpat

“NURUNKEUN ELMU”
Keur ngahaneutan motor, bari dielapan. Torojol si cikal. Saged geus make seragam.
“pa, nyuhunkeun acis, kango jajan.” Bari ngasongkeun leungeun, ngajak sasalaman.
“dua rebu, nya!” ngodok pesak. terus diasongkeun.
“alim ah, moal mahi! Sapuluh rebu ah.” Ngabalieur. Batan nampa kalah camerut.
“Jang, Bapak mah beheula, basa sakola, jajan teh cukup we sarebu. Bisa meunang buras genep, goreng tempe genep, bala-bala 4.”
“mirah keneh panginten kapungkur mah pa?” ngalieuk, semu panasaran.
“ah henteu, baheula ge gorengan mah maratus 2.”
“eta tiasa kitu, pa?” budak neuteup beuki panasaran.
“jajan’na atuh, sebat nu dagangna meuleng.”
“oh enya nya, kin mah ujang ge bade kitu ah!” ngaleos, ningalkeun kuring nu ngahuleng kalepasan.

#SYARAT#
lima las taun Ana rarabi, kahirupan taya menyatna. Estu nincak semplak, nete semplek. Tatamba lain sakali, malah aya kana puluhna. ti mimiti dukun tatangga nepi ka anu pangjauhna kabeh pernah ka puntang saraya. timimiti Gatot Braja Musdes nepi ka Kanjeng Dimas Taat Pajak kungsi didatangan. Kabeh jawaban sarua. Mun Ana haya beunghar harta loba dunya, bru di juru bro di panto, lubak libuk teu kalebok, Ana kudu boga pamajikan 4 heula.
Nya hiji waktu Ana ngawanikeun maneh, wakca balaka ka Uneh nu jadi pamajikana. Najan rada hemar hemi da punduk ge karasa keneh sesa di gebot gu gagang sapu, gara2 aya sms nyasar.
"oh, kitu nyah, A" ceuk Uneh daria naker, sangeus ngadengekeun dongeng salakina.
"muhun, manawi Uneh teu kaabotan" Ana nembalan bari ngeluk.
"mangga ari kitu mah, mung Uneh gaduh syarat hiji we."
"naon?"
"Uneh hoyong pangmeserkeun sapatu ceko, nu payuna aya besian." ceuk Uneh leuleuy bari neuteup salakina.
"alahh.. gampil atuh hoyong nu kitu mah, enjing ge ku aa dipangmeserkeun" Ana bungangang, teu sirikna luncat balas ku bungah.
"mung, kango naon sapatu ceko, komo bari aya beusian?" Ana nanya panasaran.
"jeung nalapung careham sia ontohod, lalampahan hayang nyandung. Hiji ge aing teu kaparaban." Uneh nyentak, bari gep kana gagang sapu inyuk rek mabuk salakina. Ana rikat luncat, nabrak panto tuluy becir duka kamana lumpatna

Kamis, 01 Juni 2017
Dongeng
Ngadongeng deui
#ikhtiar#
Najan ukur tukang boboko, estu fikir mah akur jeung batur, mapaes kahirupan ku harepan, hirup tinemu bagja laksana sakur paneja.
Ungal isuk nikreuh, boboko limung dina tangungan. Unggal lembur dieunteupan, unggal desa disabaan, babakan didatangan, lengkob pasir diideran. Harepan ukur hiji, kabagjaan kahontal najan sare'at ukur boboko.
Tapi naha, kabagjaan siga ngajauhan? Ka kulon ukur cape ngalalakon, ka wetan taya kelemeng pisan. Ka kidul siga nuturkeun pituduh wadul, ka kaler tanaga beak sumanget mimiti kateter.
Lebah pasir tangungan diecagkeun, diuk dina catang, muka kane nu eusina ukur beuleum hui isuk. Angin ngahiliwir mepende hate nu mimiti panas. Tikajauhan hawar-hawar sora ajengan nyarios dina sapeker "jelema mah ukur wajib ikhtiar, hasilna Allah nu ngatur!" ley, hate tiis deui nyelecep kana awak, sumanget ngagedur deui

Dongeng Cador
#Hayang ditato#
Meh ampir ungal poe tiap ba'da ashar, Nu rek ngojeg jarang aya. Malah sakapeung mah parat nepi ka tengah peuting teu hiji-hiji acan. Komo nyanghareupan bulan puasa kieu, biasana begal motor tengah jalan sok aya deui. Sigana eta oge jadi sabab jarang aya nu rek ngojeg muru peuting.
"siga'na awak urang kudu ditato, jek. Sugan we begal teh sieuneun ku nu tato'an mah" jonih muka obrolan.
"sigana mah kitu, jon. Sugan we disangka reman" jekih mairan bari sirahna ungut-ungutan.
"tapi kira-kita tato'na gambar naon nu pantes nya euy?" jekih malik nanya.
"kumaha lamun gambar hulu meong? Serem sigana mah, jek."
"duh, tong euy! Aki urang ge baheula keur ngora ditato hulu meong, na ari ayeuna geus pareot, tato'na bet jadi hulu beurit" jekih ngeluk ngemu sedih.
"alah baruk nepi ka kitu. Ke, kumaha atuh mun hulu garuda, atawa hulu oray kobra? Pasti gagah!" jonih usul deui.
"duh, entong deuih euy! Kabayang we pasti ke lamun urang geus kolot, hulu garudana jadi hulu piit. mun hulu kobra, pasti jadi hulu cacing"
"lah ari ilaing, itu ulah ieu ulah. na kudu ditato gambar naon ath?" jonih mimiti kesel.
"mending gambar sendal capit ceuk urang mah, jon. Pan dimana urang kolot ge, anger we sendal capit"
"aih boa edan. dimana begal rek sieuneun aya preman ditato gambar sendal capit?" jonih ngabalieur bari malangkeun curuk dina tarangna.

Langganan:
Postingan (Atom)
Dongeng
Kacaturkeun di hiji lembur
-
Pikiran bah kodir geus gilig. meunang pituduh ti tatanggana, ceunah aya dukun lepus paraji sakti, nu ayana di beh pajampangan, nu bisa nyare...
-
KUMIS Diangkat kepala pasar ku kang Bahar, Bah Kodir janten resep miara kumis. Meh ungal poe disisiran, bari teu poho diminyakan. Kungsi et...
-
“NURUNKEUN ELMU” Keur ngahaneutan motor, bari dielapan. Torojol si cikal. Saged geus make seragam. “pa, nyuhunkeun acis, kango jajan.” Bari...